Minggu, 18 Maret 2012

Biantara Paturay Tineung

Assalamualaikum Warahmatullohi Wabarakatuh
Para Hadirin
Syukur Alhamdulillah urang sanggahkeun ka robbul izzati Allah SWT nu maha kawasa anu parantos maparin nikmat sinareng rahmat ka urang sadaya nu hadir dina acara ieu.Kalayan widi sareng ridhona urang sadaya bias patepung dina acara Paturay Tineung
Bapa kalih Ibu ,hadirin sadaya anu dipihormat
Sim kuring aya didieu minangka wawakil ti rerecangan kelas tilu hoyong Cumarios ngedalkeun kareteg angan.Wakyu di dunia asa teu karasa pisan ,asa kamari keneh sim kuring munggaran ka sakola ieu ayeuna tos kedah deui papisah deui keur neraskeun sakola ngahontal harepan cita-cita
Alhamdulillah salami tilu taun diajar di sakola ieu seueur pisan elmu nu manfaat jeung paninengan nu bakal jadi kenangan,di sakola ieu urang nu genah pikabeutaheun ,sim kuring di dieu diajar neangan elmu.Ruang ruing boh di kelas atau di kagiatan nu lain ,guyon gogonjakan sareng rerencangan sakola.Atuh sim kuring oge moal hilap kanu jasa bapa kalih ibu guru nu nggeus ngajarkeun rupa - rupa elmu nu manfaat pisan keur ngahontal hareupan sareng cita-cita murid sakola ieu.
Teu aya nu bias dipisanggem ,iwal juta-juta nuhun kana kasaean bapa kalih ibu guru anu ngajarkeun rupa rupa elmu jeung sifat anu hade nu bias jadi picontoheun nu sae.atuh salami sim kuring diajar di sakola ieu ,pastina seueur pisan kalepatan,sim kuring nyuhunkeun hapunteun tina sadaya kalepatan.
Rupina sakitu nu kapikahatur.Hapunten bilih aya bahasa anu kirang merenah larapna bilih ayakalimah anu teu raos kana hate.
Wassalamualaikum Warahmatullohi Wabarakatuh

0 komentar:

Posting Komentar

 
Design by Fathandino Rahardiansyah | Bloggerized by Fathandino - Pertamax Blogger Themes | Edited By Fathandino